EBOOK – NGARAKSA BASA : PANGAJARAN BASA SUNDA KEUR MURID SMP/MTS KELAS VII
EBOOK-Ngaraksa Basa: Pangajaran Basa Sunda Keur Murid SMP/MTs Kelas VII
Penulis
Uyung Amilul Ulum
Asep Muhyidin
Ujang Jamaludin
Tebal Buku
58 halaman (tidak termasuk sampul).
Ukuran Buku
A4 (210 × 297 mm)
ISBN
Masih dalam proses.
RINGKESAN
Ieu bahan ajar basa Sunda nu judulna Ngaraksa Basa: Pangajaran Basa Sunda Keur Murid SMP/MTs Kelas VII Semester Ganjil digunakeun di wilyah Banten, khususna wewngkon Pandeglang. Bahan ajar ieu disusun pikeun ngaronjatkeun kamampuh murid kelas VII SMP dina ngawasa opat kaparigelan basa, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis, bari ngariksa jeung ngamumulé budaya lokal Sunda Banten, wewngkon Pandeglang. Matéri anu dipidangkeun ngawengku cacahan (paguneman), kaulinan barudak tradisional, sasalawatan, jeung pangalaman pribadi. Dina matéri cacahan, murid diajar ngeunaan wangun, struktur, fungsi sosial, unsur kabasaan, jeung tatakrama dina komunikasi sapopoé. Dina matéri kaulinan barudak, murid dipaparin pangaweruh ngeunaan rupa-rupa kaulinan tradisional anu ngandung ajén gotong royong, sportivitas, disiplin, jeung kréativitas. Dina matéri sasalawatan, murid diajak mikawanoh salah sahiji karya sastra Sunda buhun anu miboga fungsi spiritual, sosial, jeung atikan agama Islam. Sedengkeun dina matéri pangalaman pribadi, murid diajar ngarti struktur jeung unsur kabasaan téks narasi, mikanyaho cara nulis pangalaman sorangan sacara runtut, sarta mampuh nepikeun pangalaman dina wangun lisan jeung tulisan kalayan merenah. Matéri pangalaman pribadi ogé ngalatih kamampuh mikir kritis, ngébréhkeun gagasan, jeung ngawangun kapercayaan diri murid dina komunikasi.
Prosés pangajaran dirarancang dumasar kana prinsip diajar anu aktif, kréatif, inovatif, jeung nyenangkeun ngaliwatan rupa-rupa kagiatan saperti maca, niténan, diskusi, wawancara, nulis, presentasi, jeung prak-prakan langsung. Integrasi ajén-ajén kearifan lokal dina unggal matéri dipiharep mampuh nguatkeun karakter murid, ningkatkeun rasa mikanyaah kana budaya daérah, sarta ngawangun kasadaran pikeun ngamumulé warisan budaya Sunda Banten khususna wewengkon Pandeglang di tengah kamekaran jaman digital.
Ku kituna, bahan ajar ieu henteu ngan ukur jadi sarana diajar basa Sunda, tapi ogé jadi wahana pikeun ngawangun jati diri budaya murid sangkan tetep reueus kana basa jeung budayana sorangan.
Kecap galeuh: basa Sunda Banten, wewengkon Pandeglang kearifan lokal, cacahan, kaulinan barudak, sasalawatan, pangalaman pribadi,.


